sebutkan isi pupuh terkenal sunda kinanti, sinom, asmarandana, dan dangdanggula

Discussion in 'Bahasa Daerah' started by Tiffany Ayano, Sep 10, 2016.

ads

  1. Tiffany Ayano

    Tiffany Ayano Member

    sebutkan isi pupuh terkenal sunda kinanti, sinom, asmarandana, dan dangdanggula ?

    Pupuh Kinanti
    Budak leutik bisa ngapung
    Babaku ngapungna peuting
    Nguriling kakalayangan
    Neangan nu amis-amis
    Sarupaning bubuahan
    Naon wae nu kapanggih
    Ari beurang ngagarantung
    Euntep dina tangkal kai
    Disada kokoreakan
    Cing hempek kuhideup pikir
    Nu kitu naon ngarana
    Lolong lamun teu kapanggih
    Pupuh Sinom
    Harta pada nareangan
    Harti pada nyararunsi
    Sabab duanana guna
    Harti bisa mere bukti
    Harta poh kitu deui
    Bisa ngabul nu dimaksud
    Neuduna sakahayang
    Tapi harta gancang leungit
    Mungguh harti manfaat dunia akherat
    Pupuh Asmarandana
    Aya nu limpuh musafir
    Bari sila sisi jalan
    Kadupak ku anu lolong
    Bari eukeur balangsiar
    Neangan sandan pangan
    Anu lolong gebut labuh
    Nu kadupak katindihan
    Pupuh Dangdanggula
    Mega beurem surupna geus burit
    Ngalanglayu panas pipikiran
    Cikur jangkung jahe koneng
    Naha teu palay tepung
    Sim abdmah sabeunying leutik
    Ari ras cimata'an
    Gedong tengah laut
    Ulah kapalang nyabela paripaos
    Gunting pameulahan gambir kacipta
    Salamina...
     

    ads

ads

Share This Page